2 Timoteus 1
Timoteus anaking, Ieu bapa, Paulus, anu ku Allah dikersakeun jadi rasulna Kristus Yesus, anu diutus ngembarkeun hal hirup anu dijangjikeun, anu geus beunang ku urang sanggeus urang ngahiji jeung Kristus Yesus. Mugia hidep ginanjar kurnia rahmat rahayu ti Allah Rama jeung ti Gusti urang, Kristus Yesus.
(1:1)
Bapa muji sukur ka Allah. Bapa ngabdi ka Mantenna reujeung lelembutan sakumaha karuhun bapa. Saban neneda, beurang atawa peuting, bapa inget ka hidep sarta muji sukur ka Mantenna.
Bapa inget kana kasedih hate hidep, jadi bapa teh kacida tibelatna hayang gok bae papanggih, tada teuing meureun bungahna.
Inget oge kana iman kapercayaan hidep anu iklas sakumaha Lois nini hidep jeung Enika indung hidep.
Pamenta bapa, eta kurnia paparin ti Allah waktu hidep ditumpangan leungeun ku bapa teh sing tetep hirup dina hate hidep.
Sabab Roh ti Allah ka urang teh lain nungtun kana jejerih, malah Roh-Na teh matak kuat hate, matak nyaahan, matak bisa ngadalian diri.
Ku sabab kitu tong era-era ku perkara Gusti urang atawa ku hal bapa dipanjara ku karana Kristus, anggur milu ancrub sangsara ku karana Injil Kasalametan tea, da geus dibere kakuatan ku Allah.
Urang ku Mantenna geus disalametkeun jeung disaur dijadikeun umat-Na. Lain pedah Mantenna mandang pagawean urang, tapi ku karana geus kitu bae tujuan Mantenna, jeung ku karana sih piwelas-Na anu geus dirancang ti samemeh gelarna pajamanan, sarta anu bakal ngalaksanakeunana teh Yesus Kristus.
Ayeuna eta sih kurnia-Na teh geus dibuktikeun ka urang, sabab Kristus Yesus teh geus sumping, jadi Jurusalamet urang, namatkeun kakawasaan maot jeung ngagelarkeun hirup anu langgeng ku jalan Injil Kasalametan.
Eta Injil Kasalametan teh kudu diembarkeun, nu matak bapa ku Allah diangkat jadi rasul jeung guru anu kudu ngembarkeunana.
Nya ku karana eta bapa nandangan sangsara teh. Tapi tekad bapa tetep, sabab nyaho pisan ka anu dipercaya ku bapa. Sarta bapa yakin yen Mantenna kawasa ngajaga eta amanat-Na anu dipercayakeun ka bapa nepi ka Poe Kiamat.
Cekel pangajaran-pangajaran ti bapa teh sing gumati, jieun padoman turuteun hidep, sing mantep dina iman jeung kanyaah anu geus jadi milik lantaran urang ngahiji jeung Kristus Yesus.
Naon-naon anu hade paedahna anu geus dipercayakeun ka hidep, jaga sing bener kalawan pitulung pangawasa Roh Suci anu geus ngancik di urang.
Dulur-dulur urang di wilayah Asia, malah Pigelus jeung Hermogenes, geus miceun ka bapa. Hidep ge nyaho.
Mugi aya piwelas Allah ka kulawarga Onesiporus anu sering ngahatean ka bapa. Manehna mah teu eraeun ngaku ka bapa anu keur di panjara teh.
Kakara ge jol ti Rum geus neangan bapa nepi ka kapanggih.
Di Epesus ge sering pisan nulunganana, hidep ge nyaho. Mugi-mugi dina Poean Gusti sumping anjeunna meunang piwelas Allah.